NARSIS

08777899
Ass Bang Jasmin tepangkeun siha kirung Neng Rina anu doyis tea hehehe. Bade tumaros bang, Neng gaduh MMC nu mantan kabogoh Neng, tah MMC na teh ngangge password mantan neng alim masihan terang passwordna, kumaha tah supados tiasa kabuka tanpa diformat? Hatur thank u ah Bang...

Jawab : Ke..ke, ke ke, asa baru dengar nih istilah Doyis..(doyan buncis atau doi yang narsis gitu?) Alah Rina tong sok api2 lah, sagala MMC dikekewek, sagala MMC diparebutkeun,...ngomong wae bogoh keneh ka mantan teh, ulah sok alesan nanyakeun password....atawa emang ngahaja kitu c mantan teu masihan kodena? boa2 itu oge nyaah keneh ka Neng doyis....lamun rek balikan deui sigana kodena bakal dipasihan ka Neng? ....Neng, lagu lama eta mah,..api2 teu masihan kode padahal hayang panggih, bogoh keneh sih, ngan tengsin huh dasar lalaki..Hehehe hampura Rin..teu tiasa kukumaha, anu namina MMC pami tos kakonci teu tiasa dibuka, teu tiasa diformat..tetep kedah terang passwordna. Hadeueuh ..aya ku tega nya? password oge ditahan ku mantan..

Popular posts from this blog

JAKA SEMBUNG

Tanya Suka2 Jawabannya Suka2 juga..( Hal-Dua )

GAYUS