TING TING


089656617476
Bang Jasmin saya boga hape 2 nu hiji meunang manggi merek Nokia C5 nu hiji Samsung Cham Ayu Tingting.Saya nga bluetoot ti C5 ka Cham tp di cham teu bisa di puter. Majar teh konten tidak di dukung. halah jiga pilkada wae kudu dukang dukung. Benno BL

Jawab : Hebat surebat.....alus milik silaing ujang.... boga hape sa dua-dua meunang manggih.
Boga kabogoh meunang manggih, boga motor meunang manggih, celana meunang manggih, sepatu meunang manggih.Rokok meunang manggih, imah meunang manggih?.
Lain,.....dupi encep teh urang mana? ti Planet Urdu?
Hehehe..ari bluethoot-an hasilna teu sempurna, hasilna error, kualitasna kurang, atawa teu bisa diputer, nya wayahna wae sing narimakeun? ngaranna oge hape meunang manggih, ulah protes, tong uring uringan, boa teuing eta hape pernah tibeubeut? atawa pernah kahujanan? boa teuing anu bogana teu ridhoeun? bisa wae.
Tapi cobaan heula hapena di format, di standard pabrik atawa di flash/instal ulang, susuganan bisa cageur. Dina teu bisa normal oge tinggal nga-do'a deui, sugan jeung sugan manggihan deui hape anu tanpa masalah.

Popular posts from this blog

JAKA SEMBUNG

Tanya Suka2 Jawabannya Suka2 juga..( Hal-Dua )

GAYUS