KETIKA BJ BERTASBIH

08522200xxxx
Weleh2 eta poto pasti taun 2012 SM nya Bang Jas? Gaya masa kini, muka masa gitu? Bade naros, optical trackpad HP abdi rada ngaco, kedah kumaha nya? Nuhun. Uki

Jawab : Heh Aki (A Uki) sagala trackpad jadi urusan, sagala trackpad jadi pikiran, bawa ka tukang service genti trackpad, ulah cicing wae. Isin atuh katetangga, isin atuh ku pak RT, isin ka baturan sekelas, ongkoh hapena rusak tapi dikekeweuk wae, moal cageur2 kitu mah, ulah nyirikeun teuing keur selon. Api2 we boga duit, pede we pede siga disinetron 'ketika BJ bertasbih' simpen we heula hapena di tukang service, engke lamun manuk geus cageur karek tebus hapena, beres pan?.

08579708xxxx
Aslkm Bang kunaon nya hp abdi nokia 7610 upami bade mnerapkan tema teh sok parem sorangan sreng teu tiasa ngecas??

Jawab : Hehehe ti zaman walanda keneh tos diwartosan ka wargi Jabar, khususna ka urang Bandung, ulah sok hoyong gentas gentos thema dina hape, matak awon ngaganggu system hape. Pami kersa mah nyanggakeun thema standard pabrik, emang sih kirang gaul tampilanana, tapi moal aya resiko, moal nga-restart, moal matak pareum2 nyalira. Pami hape teu tiasa ngecas, seueur2 na sih kedah gentos konektor charger, sanes gentos handphone.....hehehe.

Popular posts from this blog

JAKA SEMBUNG

Tanya Suka2 Jawabannya Suka2 juga..( Hal-Dua )

PHK MASAL