SAFARI
Kang bade tumaros. Ipod nu sim abdi safarina teu tiasa dibuka wae. kunaon nya kang. Padahal jaringan Wifi na mah pinuh
Jawab : Asa aneh nya? rerasaan safari mah selalu terbuka untuk umum? acan pernah tutup sakelang keur lebaran oge. Ngan, lamun palebah musim libur sakolah emang sok lieur pinuh kupengunjung, mararacet.....hehehe eta mah Taman Safari ketang. Ujang, nyai, akang, ceuceu lamun teu bisa muka safari? hartina software Ipod-na rada ngaco atawa error, jadi kudu di instal ulang. Tah carana, instalkeun heula aplikasi iTunes kana komputer atawa laptop, trus, colokeun ipod kana usb, engke lamun geus kabaca ku sistem, bakal muncul tulisan update and restore, tinggal di 'Oke' teu kudu pencat pencet anu lainna. Gampang sih, ngan nya kitu, rada lila prosesna moal cukup sajam download datana, katambah tambah prosesna oge kudu bari online.