NYEGIK

08589023XXXX
Mang 'Bos' Jas, abdi teh bade BB an sareng pun istri tapi abdi duaan teh teu gaduh BLACKBERRY na, kumaha carana? abdi teh alim nambut, rental komo deui maling mah, cing pasihan jalan kedah kumaha?

Jawab : Ceuk beja, ceunah jeung ceunah, duka gosip duka isu, duka leres duka bo'ong, saurna mah umpami hoyong gaduh hape, hoyong gonta ganti hape, boa Nokia boa Blackberry atanapi sagala merek hape anu dipikaresep, carana gampil surampil teu kedah ngegaleuh teu kedah meser. Kantun ameng we ka gunung halu, tanapi ka gunung wetan bari cecandakan kembang 7 rupi, cai 7 jet-pump, pilarian we Aki Gadget.......wartoskeun we.. simkuring hoyong NYEGIK HAPE.....hehehe..

08579719XXXX
Hallo Bang JASMIN nu ganteng mau tanya nih knp hp nokia saya teh mun dpt kiriman sms laporan jam terima beda 1 jam kunaon nya tolongan atuh bang
0812147XXXX
Bang Jasmin nu cenah kasep mun ditingali di gn manglayang. abdi bade tumaros sababaraha kali pake nokia, naha nya jam datang na sms tara sesuai waktu real time. misal sms jam9 tp jam diterima jam 6 pdhl settingan waktuna tos bener. naha nya?

Jawab : Hahaha ...sms jam 9..katarima jam 6, sakelang katarima oge aya perbedaan 1 jam? keun wae...sakitu oge aya anu sms...kedah bersyukur eta Ujaaaaaaang. Tong siga gigireun urang..dikiriman sms kubatur tapi tilu rebo teu nepi keneh wae (atuh da hapena ku maling). Hehehe geus tong pusing tong aral, bawa ka konter hape, format alias flash ulang....dagoan.....bayar....beres. Tong buka2 bluethoot, tong kirim2 gambar, tong mentaan Mp3, tong download anu teu paruguh.......dijamin moal aya gangguan virus.

Popular posts from this blog

JAKA SEMBUNG

Tanya Suka2 Jawabannya Suka2 juga..( Hal-Dua )

PHK MASAL