RANDA


08382707xxxx
kadangu tapi suanten abdi teu k dangu ku nu d tlp. naon panyakit na ny kang? terus upami d omean sabarahaeun? upami d tasik kmana nyervisna? kang peryogi randa teu?
di antos waleranna..

Jawab : Suara itu kadangu ku urang tapi suara urang teu kadangu ku itu? boa boa ituna anu torek? atawa emang silaing jempe teu ngomong nanaon? nya puguh moal kadangu kubatur.
Lamun hape manggihan kasus teu bisa ngomong alias budeg, tong hariwang!! tinggal genti microphone hape cenghar deui, bisa ngecoblak deui. Tah lamun masih keneh bingung rek dibawa kamana? apan di Tasik loba tukang las ketok, ....tinggal bawa.
Iyeu mah yeuh sagala randa ditawarkeun, cing geus dipake sabaraha lila? garansi keneh teu? kumplit keneh? dus, buku cable data jeung charger?, lamun batang mah pasti hargana oge jatuh/setengah harga, komo deui geus pernah dibongkar atawa genti2 chasing.........

08572041xxxx
Bang ai bade meser BB anu mirah dmana ? Hehe
Di antos waleranna

Jawab : BB? maksud loh? baso buled, bau badan, bawang bombay, bandung berhiber, banjir bandang? atawa naon iyeu teh? bingung euy.......
Hey bapak2 ibu2 ujang nyai, ceuceu akang, emang bibi, nin aki, ari harga hape bekas mah kumaha kondisi barang, kumaha kelengkapan, kumaha lokasi, wilayah atawa daerah
tempat anu ngajual hape. Jadi murah heunteuna harga hape moal bisa dipatok ka saurang saurang, makin mulus kondisi barang otomatis leuwih mahal hargana, kitu oge mun kondisina kurang mulus nya otomatis hargana oge rada leuwih murah dibandingkeun di tempat sejen.

Popular posts from this blog

JAKA SEMBUNG

Tanya Suka2 Jawabannya Suka2 juga..( Hal-Dua )

PHK MASAL