2310

+628128335xxxx Didit sukabumi Punten kang anu kasep anu bager ah pko na mah pang bagerna,abdi teh gaduh hp warisan nokia 3530 jadul tp pan nyaah lumayan,tp kie lamun nlp tawa di tlp sok mati tiba2 weh kang,kunaon'x kang?atur nuhun kang di antos blz san na

Jawab : Didit Sukabumi, ari ningali type jadul sekelas 3530 dipake nelphone ujug ujug pareum mah moal jauh? moal bireuk 100% kudu genti battere? Ngan hanjakal teuing, hese bin susah neangan battere hape type 3310, 3330, 3510, 3530 anu
cespleng, lalobana bebarian ngedrop, bebarian kembung. Cepet rusak, gancang tekor. Hargana marurah kualitasna oge murahan. Hiji hijina jalan, hurungkeun hape bari di charger, tong dileupas, moal matak kukumaha. Alesanana, pada saat nelphone, ngirim sms atawa maen game, arus anu digunakeun tina charger, lain tina battere. Fungsi battere ngan saukur ngahurungkeun hape, ari kaditu keun mah urusan charger.

+628131301xxxx Ridwan tambak mekar subang punteun bang abdi kan gduh hp nokia2310 panyakit na bang sok pareum sorangan pdhl battrey full,apa hp na bang atow bttrey na.?hatur nhun bang rocker 'grèén force'¤

Jawab : Ridwan ari hp sok sering pareum sorangan mah aya kamungkinan batterena logor, atawa kembung bisa wae...atawa kekoneng anu aya di battere kotor oge bisa
nyebabkeun hape pareum teu pupuguh, matakna coba bersihan heula connectorna, bisi aya kotoran atawa karat anu napel, bersihan oge kekoneng dina battere.
Tah lamun cara2 tadi si hape masih keneh sok pareum teu pupuguh? coba format ulang, di upgrade atawa di flah ulang. Kusabab type 2310 sakelang teu wawuh jeung virus tapi emang sering bermasalah dina system atawa software-na

Popular posts from this blog

JAKA SEMBUNG

Tanya Suka2 Jawabannya Suka2 juga..( Hal-Dua )

PHK MASAL